Kaadaban Sunda ogé kungsi wanoh jeung sababaraha sistim aksara lianna, di antarana
* Aksara Pallawa atawa aksara Pra-Nagari anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sangsakerta,
dipaké nepi ka abad ka-7.
* Aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
* Aksara Cacarakan atawa aksara Jawa, sacara umum marengan asupna Islam
jeung kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17).
* Aksara Pegon, utamana di lingkungan pasantrén, ku asupna ajaran Islam ti tatar Arab.
* Aksara Latin, mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda.
Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakéeun sapopoé. Di dayeuh Bandung urang bisa ningali aksara sunda kuna di gedong Angkatan Muda Siliwangi (AMS), plang di jalan jalan utama sapertos jalan Asia Afrika jeung sajabana.
Aksara Sunda nalika medarna publikasi resmi ngeunaan aksara Sunda ti Pamaréntah Jawa Kulon. Conto mimiti nyaéta "Aksara Pakuan" dina wanda OTF. Salian ti éta, dina bulan Januari 2006, proposal pikeun ngodekeun Aksara Sunda dina format unicode geus dikirimkeun ka konsorsium Unicode. Prosés ieu bakal jalan dua taun lilana. Diharepkeun dina taun 2008, aksara Sunda geus asup kana susunan Unicode versi 5.0.
Aksara Sunda diwangun ku sababaraha komponén, diantarana:
* Aksara Ngalagena
* Aksara Vokal Mandiri
* Aksara Swara (vokalisasi)
* Angka
leuwih jauh ngeunaan ieu mangga ka http://su.wikipedia.org/wiki/Tepas
Tidak ada komentar:
Posting Komentar